Senin, 02 April 2012

Nadoman Sunda | Sejarah Nabi Muhammad SAW | ke 2

Kapir mekah kacaturkeun
Barang Nabi nyarioskeun
Mi'raz lain di mulyakeun
Angger pada nyeungseurikeun.

Pada hasud ngakalakeun
Ti dinya Allah ngersakeun
Kangjeng Nabi dialihkeun
Ka Madinah disinarkeun.

Per sahabat pirang-pirang
Nu bumela milu iyang
Milu ngalih sewang-sewang
Henteu pisan sumoreang.

Tambah kamulyaan Nabi
Di Madinah asal sepi
Jadi rame ku nu ngaji
Muji ka nu Maha Suci.

Sapuluh taun lamina
Di Madinah jumenengna
Agama Islam cahyana
Gumebyar kamana-mana.

Nagri Mekah diperangan
Ahirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan
Yakin lain jijieunan.

Ari yuswana kangjeng Nabi
Genep puluh tilu pasti
Maqomna dijero nagri
Madinah Nagara Suci.

Puputrana kangjeng Nabi
Aya opat anu istri
Siti Zaenab nu kahiji
Ruqyah nu hijina deui.

Ummi Kultsum katiluna
Siti Fatimah bungsuna
Ari putra nu cikalna
Sidna Qosim kakasihna.

Sidna Abdullah rayina
Ibrahim katiluna
Eta nu genep putrana
Siti Khodijah ibuna
.
Sidna Ibrahim ibuna
Mariyah jenenganana
Istri ti Mesir asalna
Tah kitu turunanana.

Putra nu pameget kabeh
Pupus keur aralit keneh
Nu istri carogena teh
Para sahabat nu soleh.

Siti Zaenab carogena
Abdul 'Ash jenenganana
Siti Ruqyah carogena
Sidna Ustman mimitina.

Ges Siti Ruqyah hilang
Anjeuna turun ka ranjang
Ummi Kultsum putri lenjan
Ditikah gentos nu hilang.

Caroge Siti Fatimah
Sidna Ali nu katelah
Bakaromallohu Wajhah
Anu kamasyhurkeun gagah.

Ari putu kangjeng Nabi
Dalapan pameget istri
Siti Uwanah jeng Ali
Siti Zaenab kamarti.

Ari Sidna Abdullah mah
Putu ti Siti Ruqyah
Putu ti Siti Fatimah
Aya lima kabehna mah.

Tilu anu pamegetna
Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husain kaduana
Sidna Muhsin katiluna.

Ummi Kultsum nu istrina
Ka Sidna Umar nikahna
Sitna Zaenah kaduana
Nurut ungeling wartosna.

Urang kudu cinta ati
Katurunan kangjeng Nabi
Poma ulah goreng ati
Sumawona hiri dengki.

Ari mungguh kanjeng Nabi
Nyaahna langkung ti misti
Ka umatna jaler istri
Leuwih ti sepuh peribadi.

Welas asih ka nu miskin
Sumawona budak yatim
Pada seubeuh ku paparin
Kadaharan jeng pisalin.

Akuan ka urang kampung
Calik satata ngariung
Tara angkuh jeng adigung
Sanajan ka urang gunung.

Ka nu nyandak kasusahan
Gering jeng papatenan
Ngalayad sarta ngubaran
Ngajajapkeun ka kuburan.

Manis saur manis budi
Estu mustikaning jalmi
Sajagat mo mendak deui
Sae rupi jeng parangi.

Raray lir bulan purnama
Halisna lir katumiri
Waosna lir intan biduri
Salira harum wawangi.

Estu kersaning pangeran
Lain sengit diminyakan
Karinget pada nandean
Diparake seuseunitan.

Sakitu nabi mulyana
Taya pisan adigungna
Angkat pungkureun sohabatna
Kalangkung handap asorna.

Anggoan kersa lumayan
Najan nu ges ditambalan
Kitu deui katuangan
Banget pisan dikurangan.

Betah dina kamiskinan
Lain sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan
Ngarah karidoan Tuhan.

Pirang-pirang Mu'jizatna
Tawis kanabianana
Qur'an nu nomer hijina
Mu'jizat nu pang mulyana.

Tangkal nu perang dauna
Sisiram tilas abdasna
Ngadadak loba buahna
Sarta hirup satuluyna.

Domba nu begang kuruna
Sarta lapet susuna
Diusap ku pananganana
Ngadadak juuh susuna.

Dina hiji waktos deui
Sohbat kakirangan cai
Teras bae kangjeng Nabi
Mundut cai anu kari.

Cai ngan saketel pisan
Taya deui anu lian
Nabi neuleumkeun panangan
Dumadak tuluy manceran.

Cai mancer loba pisan
Kaluar tina panangan

Sela-sela ramo pisan
Cukup ku jalma rebuan.

Bacatur hiji Badewi
Ngadoja ka kangjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai
Sina ngomong cara jalmi.

Tuluy tangkal teh disaur
Harita ku kangjeng Rosul
Tangkal datang ngagulusur
Akarna teh digugusur.

Ngadeheus ka kangjeng Nabi
Uluk salam cara jalmi
Sanggeus kitu balik deui
Ka tempat asalna tadi.

Badwi ngan kantun heran
Ningal eta kaanehan
Tuluy bae asup Islam
Ka Nabi ngangken panutan.

Saliana loba deui
Mu'jizatna kangjeng Nabi
Mun diwincik hiji-hiji
Keur nulisna moal mahi.

He Allah nu sipat Rohman
Abdi sadayana Iman
Teu aya deui pangeran
Lian ti anjeuna pisan.

Nu ngadamel bumi alam
Dawuh saeusina pisan
Nu wajib diibadahan
Taya anu nyasamian.

Sareng abdi iman deui
Ka Sidna Muhammad Nabi
Yen eta utusan Gusti
Miwulang sadaya jalmi.

Nu sipat kapercayaan
Bijaksana tur Budiman
Bener unggal sasauran
Najan saur kaheureuyan.

Ngajembarken kangjeng Nabi teh
Ka jalma sadunya kabeh
Dawuh pangeran nu soleh
Nu wajib diturutna teh.

Hormat urang ka Anjeuna
Dina mangsa jumenengna
sareng saba'da wafatna
Eta teu aya bedana.

Duh Gusti jungjunan abdi
Sidna Muhammad Habibi
Pamugi salira nampi
Ka nu hina diri abdi.

Abdi umat ahir jaman
Anu banget panasaran
Horeng tepang ngadeuheusan
Seja tumut serah badan.

Di yaumil ahir pamugi
Abdi sing janten ngahiji
Sareng indung bapa abdi
Ngiring Gusti ka Sawargi.

Nadoman Sunda | Sejarah Nabi Muhammad SAW | ke 1

Gusti urang sadayana
kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurais nya bangsana.

Ramana Gusti Abdullah
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeuna di Mekah
Wengi Senen taun Gajah.

Robiul awal bulana
Tanggal ka duabelasna
April bulan masehina
Tanggal ka duapuluhna.

Ari bilangan tauna
Limaratus cariosna
Tujuh puluh panambihna
Sareng sahiji punjulna.

Siti Aminah misaur
Waktos babarna kacatur
Ningal cahaya mani ngempur
Dibumina hurung mancur.

Babar taya kokotoran
Orok tos kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan.

Medal Nabi akhir jaman
Pirang-pirang kaanehan
Sesembahan bangsa setan
Kabeh pada karuksakan.

Nabi yuswa lima bulan
Geus tiasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan
Geus capetang sasauran.

Yuswana sapuluh bulan
Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nulian
Tapi tara kumagahan.

Parangina kanjeng Nabi
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede kawani
Sabar nyaah kasasama.

Keur opat taun yuswana
Dibersihan manahna
Nabi dibelah dadana
Malaikat nu meulahna.

Jibril jadua rencangna
Mikail jenenganana
Ngeusikeun kana manahna
Ilmu hikmah sapinuhna.

Tuluy dada kangjeng nabi
Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri
Dicap ku Khotamin Nabi.

Harita Nabi ayana
Dilembur ibu inangna
Halimah jenenganana
Sa'diyah ngaran lemburna.

Rama Nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Basa nabi dibobotkeun
Dua sasih kaunggelkeun.

Keur lima taun yuswana
Ditinggal pupus ibuna
Tuluy dirawat eyangna
Abdul Mutolib asmana.

Kersana Robbul 'Alamin
Kangjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin
Eyangna mulih ka batin.

Sabada wafat eyangna
Nabi dirawat uwana
Abi Tolib kakasihna
Saderek teges ramana.

Kangjeng Nabi sering pisan
Dicandak ka nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan
Didinya teh pajeng pisan.

Kacatur di eta nagri
Loba pandita yahudi
Sarta pandita nasrani
Nu tepang jeung kangjeng Nabi.

Sadayana sasauran
Ieu jalma mo nyalahan
Pinabieun ahir jaman
Tauret injil geus ngibaran.

Sipat Nabi pangangeusan
Aya di anjeuna pisan
Harita loba nu iman
Ka Nabi ngangken panutan.

Lami-lami kangjeng Nabi
Disambut ku hiji istri
Dagang ka unggal nagari
Kauntungana dibagi.

Istri jenengan khodijah
Putra Huwalid katelah
Nu pangbeunharna di Mekah
Ka Nabi kalangkung nyaah.

Siti Khodijah masrahan
Ka Nabi barang dagangan
Maisaroh nu ngarencangan
Ka Nabi purah nyarengan.

Kacarios Maisaroh teh
Loba pamendakan aneh
Cicireun Nabi nu sholeh
Matak ngaherankeun kabeh.

Tatangkalan uluk salam
Mega bodas sok mayungan
Jeung aya cap kaNabian
Dina salirana pisan.

Pamendak Siti Khodijah
Cocok pisan jeng Maesaroh
Ahirna Siti Khodijah
KaNabi mundut ditikah.

Harita yuswana Nabi
Salawe taun kawarti
Ngadak-ngadak sugih mukti
Tapi tambah saati.

Karesepna kangjeng Nabi
Ka Gusti Allah ngabakti
Digunung Hiro maranti
Ibadahna saban wengi.

Didinya jol kasumpingan
Jibril nunurunkeun Qur'an
Kalawan dawuh Pangeran
Nabi didamel utusan.

Anu iman pangheulana
Siti Khodijah garwana
Abu Bakar kaduana
Sohabat nu pangmulyana.

Murangkalih nu nonoman
Anu pangheulana iman
Sayidina Ali pisan
Ka Nabi saderek misan.

Jeung ari jalma beulian
Anu pangheulana iman
Sayidina Bilal pisan
Anu jadi tukang adzan.

Ari lolobana pisan
Ka Nabi teh ngamusuhan
Nganiyaya ngajailan
Teu aya pisan rasrasan.

Para sahabat kungsi ngalih
Ka nagri Habsyi nu tebih
Didinya anjeuna linggih
Kira kenging tilu sasih.

Samulih sohabat ti Habsyi
Kacarios kangjeng Nabi
Kenging pohara cocobi
Kersana anu Maha Suci.

Uwana sareng garwana
Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana
Ka lima puluh tauna.

Geus pupus Siti Khodijah
Nikah ka Siti Saodah
Sareng Siti Aisyah
Ummum mu'minin katelah.

Di dinya kersa pangeran
Maparin kamulyaan
Ka Nabi nu ahir jaman
Kakasih nu sipat rohman.

Nuju tanggal tujuh likur
Bulan Rajab nu kacatur
Nurut koul anu masyhur
Kangjeng Nabi teh disaur.

Dipapag ku Malaikat
Nyandak Buroq nu kasebat
Leumpana teh cara kilat
Tunggangan Nabi angkat.

Ti Mekah ka Baitul Maqdis
Teu nganggo lami antawis
Ku jalma heunteu katawis
Kersana Gusti nu wacis.

Ti Baitul Maqdis terasna
Naekna tangga kancana
Mi'raz tea kasebatna
Ka langit Nabi sumpingna.

Tujuh langit sadayana
Jeung 'Arasy nu pangluhurna
Disumpingan sadayana
Katut Syurga Narakana.

Kangjeng Nabi ditimbalan
Ku Gusti nu sipat Rohman
Anjeuna kudu netepan
Solat muji ka Pangeran.

Kabeh jalma anu iman
Sami pada kawajiban
Solat nu lima giliran
Henteu menang dikurangan.

Solat eta minangkana
Dina agama tihangna
Jalma nu luput solatna
Nyata rubuh agamana.

Kacarios dina jaman
Mi'raz na Nabi panutan
Yuswana teh kaleresan
Lima puluh dua jalan.